sawer
bur ginulur pulung daru
pulung daru ti dewi sri
beas beureum beas bodas
beureum ngabeureuman getih
bodas ngabodasan tulang.
gesan ngaringkangkeun diri
bur ginulur tawur rewu
tawur kencringna ti nabi
mawat nabi sulaeman
sugihna dina walagri
jembar na dina waluya
enggoning nataran diri
da hirup mamawa tangtung
da lahir mamawa diri
sing belejag sing jugala
hirup di bareng ku hurip
sing bisa nyengkal buana
sora handaru ka langit
: tah kitu mun di cukcruk
eusi sawer teh anaking
lain ngan saukur beas
jeung koneng nu disiksik
mangrupi uang
tapi silib silih surti
amin ya robbal alamin
mugi gusti nangtayungan
wur awur di awur awur panganten....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar