Sabtu, 12 Oktober 2019

Prolog sungkeman sunda

sungkeman
geulis kasep anaking
hidep teu kenging mujung ka gunung
namung kedah munjung kanu janten indung

hidep teu kenging muja ka sagara
namung hidep.kedah muja kanu janten  bapa

bral geulis kasep anaking
indung tunggul rahayu
bapa tangkal darajat
mugia hidep salaminaa
ginulur karahayuan
ginanjar kawilujengan

salmina hidep duaan tiasa ngawangun kulawarga sakjnah mawaddah warrohmah
ti dunya dugi ka akherat ..amin yra

2. sungkeman
geulis kasep anaking
hidep dua an  teu kenging mujung ka gunung
namung hidep dua an kedah munjung kanu janten indung

Geulis kasep anaking
hidep dua an teu kenging muja ka sagara
namung hidep.dua an kedah muja kanu janten  bapa

bral braaal
geulis kasep anaking
indung tunggul rahayu
bapa tangkal darajat

Indung anu ngakandung
Bapa anu ngayoga

mugia geulis kasep anaking
hidep dua an salaminaa

ginulur karahayuan
ginanjar kawilujengan

Tiasa ngawangun kulawarga sakjnah mawaddah warrohmah
ti dunya dugi ka akherat ..amin yra

Sungkeman dari istri ke suami:

kata kata waktu istri sungkem kepada suami

geulis ..kasep  anaking ..hidep ayeuna parantos diistrenan ..mugia neng hideup sing janten istri anu sholehah
aa..kasep hidep sing janten caroge anu sholeh .tiasa ngawangun kulawarga sakinah mawadah warrohmah ..ti dunya dugi ka aherat amin yra

Tidak ada komentar:

Posting Komentar